Lirik Tembang daerah sunda



Maghrib
Tah sora bedug batur tanda geus maghrib
Geus nitah reureuh ulin Ttrus ka masjid
Beulah kulon hibar layung
ngajak muji ka Yang Agung


Bubuy Bulan
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe di sasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali Ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana


Peuyeum Bandung
Dimana mana di kampung di kota
Tos kakoncara ku nikmat rasana
Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina duh matak kabita
Peuyeum bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih




Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang jeung partentang taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehnaHirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia



Bang-bang wus rahina, bang-bang wus rahina (fajar t'lah tiba)
Srengengene muncul, sunar sumamburat (mentari terbit sinarnya semburat)
Cit-cit cuwit-cuwit cit-cit cuwit-cuwit,
cit cuwit rame swara ceh-ocehan (bercicit-cicit suara burung bersiulan)
Krengket gerat-geret, krengket gerat-geret (berderak-derik)
Nimba aneng sumur, (menimba air di sumur)
adus gebyar-gebyur (untuk mandi berguyur)
Segere kepati, segere kepati, kepati bingah (segarnya luar biasa, senang)
Bagas kuwarasan (sehat wal afiat)



Panon Hideung
Panon hideung pipi koneng
Irung mancung putri Bandung
Putri saha di mana bumina
Abdi reuseup ka anjeunna
Siang wengi ka impi-impi
Hate abdi sara sedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis panon hideung



Bajing Luncat
Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana aduh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna
Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana ieuh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna
Ku teu sangka salira bet
luas pisan
Teu hawatos
Ka nu kesel ngantos ngantos
Api api teu emut kana pasini
Pasini pakait ati
duh pakait ati


Tokecang

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong


Pileuleuyan

Pileuleuyan - pileuleuyan sapu nyere peugat simpai ....
Pileuleuyan - pileuleuyan paturai pateupang deui ....
Amit mundur - amit mundur .. amit sagala mungngaran ....
Amit mundur - amit mundur paturai pateupang deui ...


Hayu urang sosonoan ... mungpung kumpul sararea ...
Hayu urang sosonoan ... deudeuh pisan cinta tea ...
Antar suku antar negara ..... damaina lahir jeung bathin
Antar bahasa antar bangsa ... bersatu bekerjasama



Cing Cangkeling

Kleung dengklek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos kakolong bapak satar buleneng
Pat lapat pat lapat katingalan masih tebih kene pisan
Layarna bodas jeung celak kasurung kaombak ombak
Es Lilin
Es lilin mah euceu kalapa muda
Di bantun mah euceu ka Majalaya
Hapunteun mah euceu abdi hapunteun
Bilih aya kalelepatan

ULAH CEURIK
Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat
Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang pipisah

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura


Sapu Nyere Pegat Simpay
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere pegat simpai, bakal kasorang
Takdir ti gusti hyang widi, pasti kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukut, hayu urang sosonoan





Mojang Priyangan
Angkatna ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priyangan.
Umat-imut lucu
Sura Seuri nyari
Lara-lirik keupat
Mojang Priyangan
* 2 (x)
Diraksukan kabaya
Nambihan Cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priyangan
Mojang anu donto
matka sono nu nempo
Mun tepung sono ka…
Mojang priyangan ( balik ke atas*)
Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu surup nu nempo
Mojang priyangan… mojang priyangan…
Mojang priyangan…








Es Lilin
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena.

Budak Jalanan


Ceuk batur mah
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Kahujanan…
Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan
Timana…timana.. atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna.

 

Sorabi Bandros

Satengan dua canari
Sabada sholat tahajud ges biasa
terus marud kalapa laguk anger ker neangan esi beteng
kieh gening dagang sorabi marud naga sok kerdagang subuh haranet
lamen dagangan laris jam 7 boga bekel beas 2 kiloen
teu jadi artis sinetron ge bae
teu jadi penyanyi tenar ge bae
teu jadi sekertaris ge wiyos
teu jadi istri pejabat ge wiyos
saukur hayang hirup cukup rumah tangga nu bahagia
beh namah gening sanasib
akang ge marud ngagasrok kalapa
gandonan bandros
atuh sugan aruraangge teh jodoh
ambeh bisa ngadonan duaan..
akang ngagasrok
nyai nu nandean
akang nu misan
nyai nu baraseh
alus kalapanan
kentel cipatina
gawe duaan mah ngarenah pisan
Yu urang ka bale nyungjung
hayung urang papadan kompak
ka panghulu niat akad nikah
rumah tangga nu sakinah mawadah warohmat
mendi pareng boga katuruna muga2 anak nu soleh
sarakola sing juduh nu pinter
elmu tungtut dunnya siap..

Karatagan Pahlawan
Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa




Pileuleuyan
Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui

Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara





Sapu Nyere Pegat Simpay
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere pegat simpai, bakal kasorang
Takdir ti gusti hyang widi, pasti kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukut, hayu urang sosonoan




Sabilulungan
Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong

Tohaga, rohaka,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.






Eling Eling Umat
Eling eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah
Sholat shalat shalat
Eta kawajiban urang keur di dunya
Kangge bekel jaga urang di akherat

Eling eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah
Sholat shalat shalat
Eta kawajiban urang keur di dunya
Kangge bekel jaga urang di akherat

Urang tos terang sadayana
Nu namina muslim teh saatos ngucapkeun
Ngikrarkeun dua kalimah syahadat
Teras urang ngalaksanakeun kawajiban sholat nu lima waktu
Kedah tepat waktu
Ulah hilap ulah telat
Kumargi sholat nu tos kaliwat moal tiasa deui
Kudu sapanjang hayat

Eta sholatna genah tumaninah
Kedah khusu
Komo deui mun sholatna asa diburu-buru
Sholatna mugia sama kedah khusyu
Manjatkeun sagala doa nu dipanuju
Ka Allah robbana walakah hamdu
Ya Allah mugia doa-doa nu ku urang dipanjatkeun, dikabulkeun

Eling eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah
Sholat shalat shalat
Eta kawajiban urang keur di dunya
Kangge bekel jaga urang di akherat

Yu mangga ka sadayana
Urang lereskeun sholat urang sadaya
Subuh lohor ashar maghrib sareng isya
Ulah hilap ku urang dilakukeun kumargi eta kawajiban
Sareng sholat teh tihangna agama
Sing saha-saha jalma nu ngadegkeun sholat
Berarti jalma eta ngawangun agama
Eta sholatna berjamaah
Tingkatkeun ukhuwah Islamiyah
Nanjeurkeun tali silaturahmi
Kengeng berkah ridho ilahi
Allah nu maha kawasa
Mugia ngabulkeun du'a-du'a urang sadaya

Eling eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah
Sholat shalat shalat
Eta kawajiban urang keur di dunya
Kangge bekel jaga urang di akherat



Sumedang
Kota leutik camperenik
Najan leutik tapi resik
Ngaliwat Cadas Pangeran
Mmmh, kota Sumedang

Dipapaes ku Cipeles
Tampomas nu matak waas
Cimalaka pamandian
Ngagenyas caina herang

Jajaka sareng nyi mojang
Indit mawa sari asih
Nyacapkeun rasa katineung
Cimalaka jadi jugjugan

Caang bulan opat welas
Caang mabray cahayana
Nambah endah katinggalna
Kota Sumedang


Wangsit Siliwangi
Kiwari geus gumelar
Putra Pajajaran anyar
Wawangina sumebar
Sajagad raya kawentar
Ampuh simpuh tur sabar
Kasatriaan wiwitan
Nyukcruk galur cacandran
Siliwangi keur pananggeuhan

Kapahlawanan
Juru bakti perjuangan
Lambang kajayaan
Teguh kana perjuangan

Baheula kacapangan
Dina jaman Galuh Pakuan
Nu kamashur Pajajaran
Tempat payung kaadilan
Ayeuna dikondangan
Numpes nu mawa paesan
Siliwangi ginanjar
Seungit nyambuang ka mashur

Wangsit pitutur
Nepungkeun asma nu luhur
Wawanenna kaukur
Numpes ka jalan takabur



Tidak ada komentar:

Posting Komentar